Translate

Sabtu, 21 Mei 2016

CARITA MURANG KALIH MAHMUD

LENGKAH KOLOT LENGKAH SAJATI ,LENGKAH BUDAK MUGA NGABAKTI.


Hurip hirupna urang teh kumaha kolot .
Dina hiji waktos kira kira 20 tahun kapeungkeur ,lahir hiji murang kalih pameugeut anu di areup"ken kahadiran na ,sora ceurik anu nyaring kadangu jentre ti bumi eta , tabuh 4 subuh murang kalih teh atos di rawatan sakumaha kabiasaan seupuh kapungkur , di beureusihan di acukan kitu deui teras di beudongan ,eta murang kalih orok anu neumbe ninggal alam dunia katinggal polos lucu nya kitu deui kasep da kaleureusan pameugeut , kaleureusan murang kalih eta teh putra na bapak haji Mansur anu janteu sesepuh kuncen makom di eta leumbur ,anu nami leumbur eta teh nyaeta MAHMUD anu atos terkenal ku kasepuhan kaseupuhanna kapungkur pas jaman nuju padugdeug na perang ,anu eta perang teh kajadianna pas nuju di seurang ku warga walanda lamun ceuk barudak jaman kiwari mah (belanda) . Tah kasepuhan mahmud anu sangeut kasaktianna teh masih keneh di emut dugi ka ayeuna malahan mah alhamdulillah patilasan atanapi makom makom na oge masih keneh di rawat dugi ka ayeuna , anu di antara kaseupuhan anu paling di kenal kaahengan na atanapi leuwih tepat na mah anu janteun guru guru kaseupuhan anu sanes na teh nyaeta (SEMBAH EYANG DALEUM HAJI ABDUL MANAF ) wali yulloh anu parantos janteun wali kahiji anu maparinan elmu sara'(islam) sekaligus anu masihan nami mahmud kangge leumbur anu nuju di caritakeun tea .

Saking ku seueur seueurna pi jadieun caritana ,maka carita singkatna bade di teuraskeun di payun wae manawi abi aya yuswa .

Kumargi anu bakal janteun picaritaeun dina tulisan sederhana abi ieu teh perjalanan hirup putra bungsu na bapak haji mansur (pak kuncen tea ) janteun pembahasan na bade langsung wae kana inti carita nyata nyaeta : LENGKAH KOLOT LENGKAH SAJATI ,LENGKAH BUDAK MUGA NGABAKTI.

DI kawitan ku bismillah anu muga janteun muqoddimah sajati pikeun ieu kisah .
Janteun kieu lalakona , di hiji leumbur anu sok di sebat leumbur atanapi kampung mahmud teh ,aya sababaraha geular sababaraha sepuh anu ngagaduhan tugasna masing masing pikeun neuraskeun tirkah seupuh na nyata na waliyulloh tea anu jeneungan nana teh SEMBAH EYANG DALEUM HAJI ABDUL MANAF .di antarana aya hiji geular anu alhamdulillah eta geular teh di turunkeun kaputu putuna EYANG DALEUM HAJI ABDUL MANAF keneh nya eta AKI HAJI MA'RUP anu osok di seubat pak kuncen dina jaman na.

Janteun pami ngabahas masalah rundayan anu nyambungkeun KI HAJI MA'RUP ka EYANG DALEUM HAJI ABDUL MANAF teh kieu, EYANG DALEUM HAJI nikah sareung EYANG EMAS  .......

Nah kangge muqoddimah mung sakieu wae pembukaanna..
Salaam ..